Rudi Jaya Waslan Nenjo Bupati Jeung Wakil Bupati Nyejek Gas”Hasil Nyaba geus Karasa”
- account_circle sabakuningannews
- calendar_month Sel, 29 Jul 2025
- visibility 95
- comment 0 komentar

Img 20250729 083129
sabakuningannews.com.KUNINGAN-
Alhamdulilaah Bupati tur Wakil Bupati urang saréréa di Kuningan, langsung nyejek gass. Gawé rancagé ngadorong pangwangunan Daerah jeung ngudag peluang ngahudangkeun karaharjaan rahayat.
Hiliwir bawanning angin milar bawaning beja, ceunah aya nu gugulunuk majar lengkah Bupati sowan ka para pihak téh teu puguh laku bari jeung teu teges hasil. Sah-sah wae boga pamadegan mah. Terlepas subtansina bener atawa saukur ngacapruk. He.he.he.
Ananging lamun urang hayang ngomong sesuai fakta, sakuduna meureun omongan teh kudu dumasaring kana data lain? Tah didieu urang cuang nenjo kana data nu aya.
Bulan-bulan kamari Bupati sareng Wakil Bupati but-bet nepungan para stakeholder di dayeuh pusat jeung sabudeureun Jawa Barat. Sok sanajan teu acan nyanggut kabéh. Alhamdulillah aya nu ngabuah hasil nu mucekil. Kahiji, hasil babadamian maraton keung Kota Cirebon ngahasilkeun kesepalatan penyesuaian tarif Kompensasi Pemanfaatan Air, anu nambah PAD nepi ka 2 Milyar. Eta gundem négosiasi nu teu bérés sataun kamari, tuntas ukur ku itungan poé ku faséhna négosiasi Bupati urang nu nelah si Kancil téa. Kadua, tutas nu Kota, terus Nu Kabupaten Cirebon oge pungkas digarap.
Kembali Bupati Kuningan Si Kancil téa bisa meruhkeun Bupati Cirebon dina kesempatan peningkatan tarif kompensasi pemanfaatan air anu nilai Penambahan PAD ka Kuningan-na kurang leuwih 2 Milyar. Nu Katilu, Ikhtiar Bupati majeu-eungan Menteri Pertanian RI geus ngabuahkeun hasil. Nyaeta mangrupa traktor roda 4 sebanyak 2 unit, traktor roda 2 sebanyak 5 unit, mesin panen modern (combine harvester), pompa air, hand sprayer, serta benih padi dan jagung Kangge ribuan hektar lahan.
Lianti eta, Kuningan geus narima rupa-rupa bantuan séjéna nu sumberna ti aspirasi Anggota DPR RI. Mun diitung nepi Bulam Juli 2025, total nilaina ngahontal Rp5 miliar.
Dumasar data, na dimana atuh benerna jelema nu ngomong majar lenglah nyaba usaha Bupati Kuningan teu puguh hasil? Iwal jalma nu lolong pikiran atawa nu boga kahéwa pribadi nu boga pamadegan kitu, bari jeung ngabaikeun data. Cag.
- Penulis: sabakuningannews
Saat ini belum ada komentar